A. Ngaregepkeun
Nintenan Unsur-Unsur Pagelaran Wayang
Seni
pawayangan mangrupakeun reka basa sastra nu dipake para dalang dina hiji
pagelaran. Seni Wayang ngawengku genep unsur, nyaeta:
1.
Murwa
2.
Nyandra
3.
Antawacana
4.
Rumpaka
5.
Sora
6.
Jeung
carita.
Murwa
Mangrupakan suluk bubuka pagelaran anu
dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana. Conto murwa anu sumberna ti
dalang dede among sutarya dina lakon jaya renyuan.
Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelarkeun cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha
Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal
Nyandra
Nyandra hartina pedaran carita anu mangrupa
janturan jeung pacopan. Janturan mangrupa basa prosa dalang pikeun nyaritakeun
jejer atawa adegan hiji nagara, kaayaan watek wayang, nu biasana dipirig ku
gamelan. Conto nyandra dina adegan nagara Dwarati tina nyandra dalang Dede
Amung Sutarya.
Suh
rep data pitana!anenggih wau kocapa Negara ing pundi ingkang kaeka adi
Dasa nama purwa, eka sawiji adi
linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan
Purwa name wiwitan. Sandyan katah
titahing dewa kosongan ing akasa, sinangga
Ing pertiwi, kaideng ing samudra,
tebih ing parang muka, dasar Negara Dwarawati
Silokane
jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, pandang jagatte,
Adoh kakoncarane. Sigeg ingkang
murweng kawi paparab kang dadi nalendra,
Inggih bkang ngarenggani pura,
jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu
Jenggalamanik,
Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, Saweg
Dipunadep
dening ingkang rayi Arya Setyaki Ian Ingkang raka Patih Udawa. Sreg
Tumeluk
kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih karma
Paningalipun
Padmanegara Ian Udawa saking ajrih dating pangkonan. Samya
Prapta
ngabiyantara, jajar denira pinara.
Sarengsena nyandra, biasana dilajengkeun kana suluk anu disaluyukeun
jeung nyandrana. Lamun mungkas nyandra biasana dalang make suluk seperti kieu.
Saur nira tandana panjang
Sinenggih
sabda ya uninga lawan
Sabda
ya uninga lawan
Sauri
nira tandana panjang sinengih
Sabda
uninga wis mama
Ulun
layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya
ding asih
Wong
asih ora katara
Sarengsena suluk, diteruskeun kana pocapan
anu aya patali jeung antawacana. Pocapan ieu pikeun nganteur kana caturan
wayang.
Sri Maha Betara Kresna ngandika kedaling
lisan sungkan pangaribawa watek wantos raja wis gelar batara.
Antawacana
Antawacana nyaeta caturan wayang dina adegan. Antawacana sarua jeung
dialog dina drama. Bedana dialog grama diucapkeun ku lobaan,
sedangkeunantawacana di =caturkeun ku ki dalang sorangan. Dina antawacana
dalang kudu bias ngolah wanda sora sangkan beda dina caturan wayang-wayangna.
Di handap conto antawacana ti dalang Dede
Amung Sutarya.
Kresna :
“Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.”
Setiaki :
“Kaula nun.”
Kresna :
“Kakang Patih Udawa.”
Udawa :
“Lo, lo, lo.
Hahahah… pun Kakang Patih Udawa.”
Kresna :
“Marajeng ka payun calikna.”
Rumpaka
Rumpaka mangrupa kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih jeung
ku alok. Sagedengeun ti eta aya oge rumpaka dalang, nyaeta kakawihan anu dipake
ku dalang dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon jeung kakawihan.
Kakawihan anu biasa dipake
dina bodoran loba rupana, mimit tina kakawihan klasih dugi npi ka lagu-lagu
modern. Conto rumpaka di handap ieu judulna
“Lagu Nu Nguseup” di kawihkeun ku
si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya.
Barung
herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa eupan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung keemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
….
Sora
bisa mangrupa aukan,aduhan,lalaran,oge onomatopia . Sora dina pagelaran wayang
jadi leuwih rame lantaran dipirig ku gamelan anu saluyu jeung adeganna . Anapon
sora dina basa tinulis sok make tehnik tatatulis komik . conto sora basa
tinulis di handep dicatet tina Ki Harsono Siswocarito .
“khhk-cuah! Buta edan!” ― (Clap!) ―
“Ciiiaaatt!” ― (Jder!) Adujotos bedas! (Bet!) ― “Hih!” ― (Dez!Dig!Bugh!) ―
“Hegkh!” ― (Bruk!)
“Ayo montekar,Dewa!” + “D-du-uh…
tob-ba-at…”
Didupak galak! (Brak!) ― “Aaakkhh!”
“Ayo
maju,Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O,iyeu jago Deksinapati: Dewa api kok
kakubeku ? Ayo maju! Heaah!” ― (Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak (Blak!) ―
“”Rasakeun dewa―heaah!” ― (Blar!) tamparmemar! “Tobaatt”
Carita
Carita
pawayangan biasana digolongkeun kana tilu rupa,nyaeta :
a.
Carita
pakem nyaeta carita anu saluyu jeung kitab-kitab pawayangan saperti
Mahabrata,Ramayana,Pustaka Rajapurwa .
b.
Carita
gubahan nyaeta carita anu direkacipta saluyu jeung jamanna .
c.
Carita
carangan nyaeta carita anu wangun atawa anggitanna saluyu jeung carita
padalangan anu anyar .
Rarangken Tukang –ning
Titenan kecap-kecap nu ngagunakeun –ning di handap !
1.
Rumasa,
keur budak keneh mah estuning gungclo kana wayang golek teh .
2.
Boh
dalang si kukut boh dalang ti nu jauh siga ti Bandung, upamana, harita mah teu
boroning dijarugjug bae .
Wangun –ning dina kalimah di luhur kasebut
sabage rarangken tukang . Ning ngabogaan variasi (alomorf),nyaeta –ing . Fungsi
–ning ngawangun kecap pancen nu hartina ‘panganteb’ (intensitas) .
Contoh
kecap sejenna :
a.
–ing : awahing,mungguhing,bakating .
b.
–ning : wantuning,kersanging,sarupaning .
Warna Kecap
Warna/Rupa
Kecap kabagi dua, nyaeta :
1. Kecap Lulugu
a. Kecap barang nyaeta kecap anu
nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipake
pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
c. Kecap pananya nyaeta kecap anu dipake
pikeun nanya.
d. Kecap pagawean nyaeta kecap anu
nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawean jalma atawa mahluk sejenna.
e. Kecap sipat nyaeta kecap anu nuduhkeun
sipat atawa kaayaan barang nu dianggap barang.
f. Kecap bilangin nyaeta kecap anu
nuduhkeun bilangan,jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
2. Kecap Pancen
a. Kecap panganteb nyaeta kecap pikeun ngantebkeun
babagean kalimah anu dipentingkeun.
b. Kecap panganteur nyaeta kecap di
sahareupeun hiji kecap pikeun nganterkeun kecap eta sangkan leuwih anteb tu
eces .
c. Kecap penambah nyaeta aspek kecap
pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
d. Kecap panambah nyaeta modalitas kecap
anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma sejen.
e. Kecap pangantet nyaeta kecap
sahareupeun kecap barang pikeun ngantetkeun kecap barang eta jeung kalimah
utamana.
f. Kecap panyambung nyaeta kecap anu
dipake pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah .
g. Kecap panyeluk nyaeta kecap nu dipake
pikeun ngebrehkeun bituna rarasaan.
Merankeun Carita Wayang
Rupa rupa pagaleran wayang. Salian ti
ngagunakeun boneka wayang. Salian ti ngagunakeun boneka kayu nu ilahar disebut
wayang golek, aya nu disebut wayang orang, nyaeta tokoh-tokoh dina eta carita
pawayangan teh diperankeun langsung ku jalma. Wayang orang sarua jeung seni
teater ngan carita husus nyokot tina carita pawayangan.
Dina kagiatan ieu hidep diharepkeun
bisa merankeun hiji adegan nu aya dina carita pawayangan. Misalna, adegan waktu
Arjuna ngobrol jeung Kresna atawa adegan waktu Arjuna ngobrol jeung Kresna
jeung Jayabuana dina carita “Amarta Manjing Tunggara”.
Pikeun merankeun eta carita hidep kudu
paham kana pasipatan tokoh-tokohna. Watek jeung paripolah Arjuna kumaha, kitu deui
jeung tokoh-tokoh sejenna. Teuleuman watek tokoh nu baris diperankeun. Lamun
diri hidep kapeto jadi Arjuna, bayangkeun diri hidep jadi eta tokoh: omongan,
rengkak paripolah, jeung pasipatan sejenna kudu bisa nyaruaan eta tokoh.
Nyieun
Pedaran dina Pasualan Pewayangan
Pedaran kaasup carita pewayangan mere wawasan nu aya patula-patalina
jeung pasualan pawanyangan boh dina teknik pagelaran,eusi carita, manpaat,katut
sikep masyarakat sunnda sorangan kana eta pasualan . pikeun nambahan pangaweruh
nu leuwih jeumbar hidep kudu maca buku atawa sumber sejenna, ngaayakeun
wawancara jeung para tokoh sunda misalna budayawan,dalang,jeung pihak-pihak
sejenna.
Wayang
golek
Wayang golek hiji seni
pintonan wayang nu mangrupa boneka tina kai nu diapenkeun ku dalam nu kawentar tur popular pisan di tatar sunda.
Wayang golek aya dua rupa :
1. Wayang golek papak (cepak)
2. Wayang golek purwa
Pintona wayang di maenkeun ku dalam numimpin
pintonan sakaligus ngalagukeun suluk
( tembang nu dipirig ku gamelan ), nyoarakeun antawacana (dialog),
ngatur gamelan, ngatur lagu, jeung sajabana.
Dina pintona wayang golek, lalakon nu ilahar
dipintonkeun nyaeta lalakon carangan, lalakon galur mah teu pati mindeng. Ieu
bisa dijadikeun cicireun kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu
alur tur mata dipikaresep. Dalang wayang golek nu kawentar diantarana Tarkim,
R.U Partasuanda, Abeng sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Sunarya,
Cecep Supriadi.
sumpah. gua orang sunda tapi ga ngerti buat masalah beginiannya, ini bener bener berguna banget buat tugas dan buat belajar nyiapin ulangan. thanks a lot for this post, it really helps me.
BalasHapusEhhh warna nya jangan ungu dong bikin mata sakit
BalasHapustop
BalasHapus